Prosa
Ti Wikipédia, énsiklopédia bébas
Prosa nyaéta karangan dina rakitan
basa sapopoé; lancaran, tanpa ngolah atawa ngatur intonasi anu matok.
[1] Wanda prosa aya nu heubeul jeung aya nu anyar.
[1] Karya sastra anu heubeul dina wangun prosa nyaéta
Dongéng.
[1] Dongéng rupa-rupa pisan jenisna . Aya
Fabel,
Farabel (Pamuk, jalma-jalma teu ilahar, mite, sage, legenda jeung jurig).
[1] Karya sastra anu kaitung anyar nyaéta
carita pondok,
roman jeung
novél.
[1] Wanda karangannana tangtu waé lisan.
[1] Carita pondok ogé aya anu disebut carpon (
short story),
carita pondok pisan (
short short story), jeung
carita pondok nu panjang (
long short story).
[1] Wanda karanganna nu ieu mah sumebarna ngaliwatan tulisan, aksara, teks.
[1] Nu disebut
carita pondok di urang ilaharna panjang karanganna 4-6 kaca 1,5 spasi.
[2] padahal di Barat mah éta kaasupna
short short story (
carita pondok pisan ).
[2] Upama maké standar
Manglé nu disebut carita tilu bagian téh ilaharna 10-15 kaca, carita dua bagian téh biasana 7-10 kaca.
[2] Carita dua bagian ieu nu meujeuhna disebut
short storydi Barat, sedengkeun Cartibag éta leuwih méré nah disebut
long short story ( malah di leuwih ti 15 kaca, meureun nepi ka 20 kaca ).
[2] Kitu deui
novèl tangtu baè panjang pisan.
[2] Novél-
novél aripis dina karya sastra sunda nu umumna 60-100 kaca, éta méré nah disebut
Novellet,
novél-
novél pondok.
[2] Wangenan novél jeung
Roman,ku
Wellek jeung
Warren dibédakeun hartina dumasar kana pamanggih
Clara Reeve.
[2] Novél mah réalistis,
Roman mah puitis jeung epis sipatna leuwih mitos.
[2]
Tidak ada komentar:
Posting Komentar